BARUANG NU NGARORA
Pengarang: D.K Ardiwinata
Penerbit: Rahmat Cijulang
Tema: ngahasut atawa baruang
Latar:
1. Latar tempat: dibumina nyi piah,ujangkusen,aom usman,Abdullah
2. Latar waktu: sakabehan waktu aya
3.Latar suasana: bungah, tegang, emosi
Galur: maju
Sudut pandang: urang katilu
Gaya basa: ngagunakeun bahasa sunda halus
Pelaku:
1. Nyi rapiah
2. Ujang kusen
3. Aom usman
4. Haji abdulah raup
5. Istri haji abdulah raup
6. Haji samsudin
7. Istri haji samsudin
8. Haji banisah
9. Nyi dampi
10. Agan ali
11. Abdullah
12. Haji tayib
Amanah: Sing jadi jalma teh tong gampang dihasut ku urang lain, sok boga pendirian nu kukuh sareng nyerahkeun diri ka nu ngabogaan hirup.
Sinopsis
Malam senen 14 bulan hapit 1291 dibumina haji abdul raup meuni rame pisan, kulantaran anakna nyaeta nyi rapiah rek di lamar ku ujang kusen. Teu lami nyai rapiah jeung ujang kusen akhirna nikah. Ku lantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna. Maranehna pindah ka hiji desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku ceurik kulantaran nyi rapiah teh teu bisa jauh sareng kolotna, ema na nyi rapiah nyengceurikan nyi rapiah supados nyengceurikan anu maot. Akhirna nyi rapiah sareng ujang kusen nepi ka desa di deket gunungnu jauh timana-mana. Nyi rapiah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan, kulantaran manehna teu bisa tinggal ditempat nu jauh timana-mana ditambahan diditu nyi rapiah jauh ti kahirupan mewah nu biasana manehna jalankeun. Tiba tiba dini hiji waktos nyi rapiah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta, akhirna nyi rapiah kabur sareng Abdullah bade kaimah kolotna. Singket carita nyi rapiah sareng ujang kusen teh papisah anu akhirna nyi rapiah nikah ka aomusman anu lalaki nu dipicinta nyi rapiah anu di candung ku aom usman, ceurik weh nyi rapiah kulantaran nyesel ninggalkeun ujang kusen demi aom usman. Tapi nyi rapiah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna di candung. Sami nyi rapiah,ujang kusen ge jadi jalma nu teu bener sanggeus papisah jeung nyi rapiah, sok maen awewe jeung ngadu, akhirna kulantaran sikapna nu kos kitu ujang kusen di bui.
Kamis, 11 Mei 2017
TUGAS BAHASA SUNDA BARUANG NGARORA
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar