- Legok tapak, genteng kadek Hartina loba luangna pangalaman jeung kanyahoan
- Kudu bisa ngeureut neundeun Hartina kudu bisa nyukupkeun rezeki atawa pangala anu saeutik
- Heurin ku letah Hartina teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur lantaran bisi aya mantakna kaditu kadieu
- Kumaha bule hideungna Hartina kumaha ngke bae buktina
- Jati ka silih ku junti Hartina pribumi kaelehkeun ku urang deungeun deungen ( Urang asing )
- Awak sampayeun Hartina make pakean kumaha oge pantes oge
- Asak jeujeuhan Hartina dipikiran heula mising anteb
- Jadi kulit jadi daging Hartina jadi kabiasaan nu hese dipiceun
- Aya bagja teu daulat Hartina arek meunang kauntungan atawa kabagjaan tapi henteu tulus
- jogjog nereuy buah loa Hartina mihareup ka nu lain tanding
- Kuru cileuh kentel peujit Hartina ngurangan sare, ngurangan dahar ( tirakat ) lantaran aya nu dimaksud
- Indung hukum bapa dari gama Hartina papadon agama jeung negara
- Lambung kandungan laer aisan Hartina gede timbanganna, gede pengampuranna
- Kumaha gejebur caina geletuk batuna Hartina kumaha jadina bae teu jadi pikiran
- Kudu bisa pindah cai pindah tampian Hartina kudu bisa ngaluyukeun jeung lingkungan nu anyar dicicingan
- Kejot borosot Hartina gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
- Gede hulu Hartina sombong, adigung
- Panjang leungeun Hartina daek puak paok
- Pondok umur Hartina hirupna sakeudeung
- Bengkok tikoro Hartina Teu kabagean dahareun lantaran elat datang
- Pucuk awian Hartina tara puguh pamadegan (jangji), luak leok bae
- Leutik burih Hartina Euweuh kawani
- Murag hulu bitis Hartina teu betah cicing diimah
- Someah hade kasemah Hartina bageur ka semah, boh dina jajamu atanapi dina kalakuanna
- Hade tata hade basa Hartina alus budi pekertina jeung boga sopan santun utamina dina laku lampah jeung bahasana
Rabu, 10 Mei 2017
Babasan Paribasa bahasa sunda jeung Hartina
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Asal Jeujeuhan Hartina?
BalasHapusAsak Jeujeuhan Hartina?
HapusBentik curuk balas nunjuk . Capetang balas miwarang
BalasHapus?
Hapus?
HapusBentik curuk balas nunjuk . Capetang balas miwarang
BalasHapusBentik curuk balas nunjuk . Capetang balas miwarang
BalasHapus